Radhwa Hurriyah Alya Malissya

Belum menuliskan informasi profilenya.

Selengkapnya
Navigasi Web
Tali Kaulinan

Tali Kaulinan

Basa harita abdi sareng rerencangan abdi ulin di lapangan.Lapangan maragi abdi ulin teu tebih ti bumi abdi. Rencang abdi teh namina Sinta sareng Dewi, ari Dewi mah kelas lima sami sareng abdi tapina Sinta mah kelas opat (4). Kaulinan karesep abdi mah luncat tali, ari Dewi mah resep ulin congklak,lamun Sinta mah resep ulin sondah. " teh.. Sinta mah teu tiasa ulin luncat tali " ceuk Sinta. " atuh lamun teu bisa mah teteh papatahan" saur Dewi sareng abdi. " hayu atuh teh, Sinta hoyong di papatahan" ceuk Sinta. Hayu teteh papatahan"saur Dewi. "hayu ulin na didieu wee" saur abdi. "tapi didieu mah seeur jukut" saur Dewi. "hayu atuh diditu wee" saur abdi. "ohh.. Nyaa teh papatahan Sinta tea" ceuk Sinta. "hayuu atuhh" saur abdi sareng Dewi, "carana kumaha teh?" ceuk Sinta. "pan ieu bade dipapatahan" saur abdi. (abdi sareng Dewi mamatahan Sinta)

"Gudubbrakkk..!!!! " (abdi sareng Dewi rewas) "Sinntaa..!! " Dewi rewas" " aduh nyeri teh.. " ceuk Sinta,"kade atuh Sinta"saur abdi " getihan teu?? " ceuk Dewi, "nyaa getihan teh" saur Sinta. "hayu atuh urang uih.. " ceuk abdi. (abdi sareng Dewi nganterkeun Sinta ka bumi na) "getihan di belah mana? "ceuk Dewi, "di lutut teh.. " saur Sinta "seeur teu getih na? " ceuk abdi, "seeur teh, nyeri" saur Sinta. (nepi ka bumi Sinta).. "ateuuuu.. " abdi & Dewi nyauran ibu na Sinta. "enyaa neng.. " saur ibu na Sinta. "kunaon nengg?" ieu Sinta labuh di lapangan tadi"saur abdi. "getihan nya Sinn.. " saur ibu na sinta. "nyaa bu getihan rada nyeri" ceuk Sinta. "ateu aya ubar getih teu?, urang ubaran" saur abdi " "aya neng " ceuk ibu na Sinta. ( ibu na Sinta mawa ubar sareng cai) "iyeu neng, ateu bade ka dapur nyaa"saur ibu na Sinta. " oohh.. Oke teu"

dieu Sinta urang ubaran" saur Dewi. (abdi sareng Dewi ubaran Sinta) "Awwwww.." Sinta ngajerit. "kade tehh... Nyeri" ceuk Sinta bari ngajerit. "ouhh.. Oke oke.. " saur abdi sareng Dewi. "teteh pake cai nyaa" ceuk abdi. "alim ahh nyeri.. " saur Sinta. "teu kunanaon daa teu nyeri Sinn.. " ceuk abdi. "emmm.. Oke" saur Sinta. "tehh, Sinta mah teu punya kassa na " ceuk Sinta. "ooh, pake hansaplast wee" saur abdi. "iyeu parantos beres Sinn.." ceuk abdi. "Ouuhh.. Hatur nuhun tehh.. " saur Sinta

Pesan : urang teh kudu saling tulungan sabab eta ngabantos batur

Hatur Nuhun 😊

-Radhwa

DISCLAIMER
Konten pada website ini merupakan konten yang di tulis oleh user. Tanggung jawab isi adalah sepenuhnya oleh user/penulis. Pihak pengelola web tidak memiliki tanggung jawab apapun atas hal hal yang dapat ditimbulkan dari penerbitan artikel di website ini, namun setiap orang bisa mengirimkan surat aduan yang akan ditindak lanjuti oleh pengelola sebaik mungkin. Pengelola website berhak untuk membatalkan penayangan artikel, penghapusan artikel hingga penonaktifan akun penulis bila terdapat konten yang tidak seharusnya ditayangkan di web ini.

Laporkan Penyalahgunaan

Komentar




search

New Post